RSS

DO’A BA’DA TA’LIM

21 Mei
DO’A BA’DA TA’LIM

بسم الله الر حمن الر حيم

1. ر بنا ا نـفعنا بما علمتنا * ر ب علمنا الذى ينفعنا

 

ر ب فـقهنا و فقه أ هلنا * و قر ا با ت لنا فى د يننا

 

مع أ هل القطر ا نــثى و ذ كـر

Nun Gusti Alloh ! manfaatkeun abdi sadaya ku sagala rupi anu parantos diwurukkeun ku Gusti ka abdi sadaya.

Nun Gusti Alloh ! mugi ngawurukan Gusti ka abdi sadaya kana sagala perkawis anu manfaat ka abdi sadaya.

Nun Gusti Alloh ! cerdaskeun abdi sadaya oge kulawarga abdi sadaya oge karabat-karabat abdi sadaya dina urusan agama teu kakantun sinareng ahli-ahli daerah abdi boh istri boh pamegetna.

2.ر ب و فقنا و و فقهم لما * تر تضى قو لا و فعلا كر ما

و ارزق الكل حلا لا د ا ئما* و ا خلا ء ا تقياء علماء

نحظى بالـخـيـر و نكفى كل شر .

Nun Gusti Alloh ! mugi Gusti maparinan taufiq ( kakiatan ) ka abdi sadaya, sinareng ka aranjeunannana kanggo ngalakonan anu dipikaridlo ku Gusti boh ucap, tingkah laku anu mulya, oge rizkian abdi sadaya kalayan rizki nu halal salamina pon kitu deui sobat-sobat abdi sinareng jalmi-jalmi anu taraqwa oge para ‘Ulama, muga abdi sadaya tiasa ngaraih sagala kasaean diraksa tina sagala kaawonan.

3. ر بنا أ صلح لنا كل الشؤ ن * و أ قر با لر ضا منك العيو ن

و اقض عنا ر بنا كل الد يو ن * قبل أ ن تـأ تينا ر سل المنو ن

و اغفر استر ا نت أ كر م من ستر .

Nun Gusti Alloh ! maslahatkeun sagala rupi tingkah laku abdi sadaya, oge sing tiis ceuli herang panon pinuh ku karidloan Gusti.

Mugi Gusti ngalunasan sametan-sametan abdi sadaya sateuacan abdi sadaya kasumpingan Malaiakat utusan-utusan Gusti anu ngurus pati, Sinareng mugi ngahampunten Gusti tina sagala dosa abdi sadaya oge nutupan ka’aeban abdi sadaya, da Gusti mah pangmulyana Dzat anu nutupan ka’aeban.

4 .و صلا ة الله تغشى المصطفى * من الى الحق د عا نا و الو فا

بكـتا ب فيه للنا س شفاء * و على ا لا ل الكر ا م الشرفا

و على الصحب المصا بيح الغر ر .

Pamugi rohmat Alloh diwuwuhkeun ka Kanjeng Mustofha tegesna Nabi anu ngajak ka abdi sadaya kana bebeneran, sinareng nyumponan kana sagala anu diparentahkeun ku Alloh kalayan nyandak Kitab Suci Al Qur’an anu janten landong pikeun sadaya jalmi, pon kitu deui rohmat Alloh mugi dilimpahkeun ka kulawargina Kanjeng Nabi anu marulya tur aragung oge kasadaya sahabat-sahabat Kanjeng Nabi anu janten lampu-lampu pituduh anu kumelip.

5. أ مر يت كفا سبحت فيها الحصا *

و أ ر و ت الجيش بماء ها مر

على معا شي و معا د ى و على *

ذ ر يا تى و با طنى و ظا هرى : 3 x

Ya Alloh ! jisim abdi seja ngusapkeun panangan Jungjunan Alam anu dina genggeman panangannana keusik pada nasbeh, oge nu tos ngawaregkeun rebuan bala tentarana ku cai nu mancer tina sela-sela remana, ngusapkeun kana kahirupan dunya abdi, oge pangwangsulan abdi, sinareng turunnan abdi teu kakantun bathin abdi oge dhohir abdi 3 x.

6. يسر الا مر علينا سر عة *

ا ن ذ ا ا لا مر علينا عظما

و ا ستجب منا د عا نا كر ما *

يا كر يما ا نت ر ب الكر ما : 3 x

Ya Alloh ! gampilkeun sagala urusan abdi sadaya saenggalna, sayaktosna ieu sagala urusan karaos abot ku abdi sadaya, kabulkeun du’a abdi sadaya kalayan kalomanan Gusti. Nun Gusti nu Maha Loman ! Paduka Gusti Dzat nu ngurus sadaya hamba Gusti nu laloman 3 x

 
4 Komentar

Ditulis oleh pada Mei 21, 2007 inci Kumpulan Izajah

 

4 responses to “DO’A BA’DA TA’LIM

  1. Mazrury

    April 7, 2009 at 1:29 am

    Assalamualaikum..

    maaf saya boleh minta do’a sesudah ta’lim yang tidak di nadhomkan ?
    mohon perhatian…
    jazakallahu khoiron katsiraa

     
  2. Asy-Syifa

    April 8, 2009 at 1:04 am

    wa ‘alaikum slm Wr. Wb.

    Insya Alloh akan kami teruskan permintaannya k Sekretairat Asyifaa

     
  3. dedi

    Juli 14, 2012 at 10:26 pm

    ngahaturkeun nuhun pisan kalawan bungah tiada terkira. jalaran aya du’a ba’da ta’lim ieu. lengkep pisan. di nadomkeun ku jamaah pak kiyai, reujeung aya tulisannana.. salam hurmat ka pak kiyai ti dedi sukabumi

     
    • Asy-Syifa

      Juli 16, 2012 at 8:33 am

      sm2, mudah2n bermanfaat & dijadikan amal soleh li wajhiLlah.

       

Tinggalkan komentar